Sabtu, 29 Oktober 2016

Conto - Conto Pakeman Basa


Ø  Conto Paribasa
1.       Wawaran Luang
a.       Dihin pinasti anyar pinanggih = Takdir tos di tangtukeun ku Allah SWT
b.      Awѐwѐ dulang tinandѐ = Istri mah kudu nurut ka salaki
c.       Adat kakurung ku iga = Kabiasaan nu hѐsѐ di piceunna
d.      Buruk-buruk papan jati = Gorѐng-gorѐng ogѐ dulur sorangan moal ngantep lamun meunang kasusah
e.      Uncal tara ridueun ku tanduk = Boga ѐlmu pangaweruh mah moal hѐsѐ mamawa

2.       Panjurung Laku Hadѐ
a.       Kudu loba luang jeung daluang = Loba pangalaman jeung pangaweruhna
b.      Landung kandungan laѐr aisan = Kudu loba tinimbangan
c.       Kudu ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak = Sauyunan silih pihapѐkeun
d.      Ari di arah supana, kudu dijaga catangna = Ari aya barang anu di ala hasilna kudu daѐk ngurusna
e.      Ambek sadu santa budi = Solѐh hatѐ





3.       Panyaram Lampah Salah
a.       Ulah meumpeun carang ku ayakan = Api-api teu nyaho padahal nyaho
b.      Ulah siga lauk buruk milu mijah = Marok marokeun manѐh
c.       Ulah bodo kawas kebo = Bodo kacida
d.      Ulah dagang oncom ancatan emas = Ngalakukeun hiji hal nu teu saimbang
e.      Ulah kokoro manggih mulud = Sarakah makmak mekmek

Ø  Conto Babasan
1)      Jauh ka bedug carang ka dayeuh = dusun, teu nyaho ditata adat
2)      Lѐngkah kapiceun=nyaba bari aya nu dimaksud tapi teu hasil
3)      Rezeki ka sѐsѐr ku hakkan=rezeki beak dipake barangdahar
4)      Batok bulu eusi madu=gorѐng rupa, tapi pinter jeung bageur
5)      Beungeut nyanghareup ati mungkir=henteu terus jeung hatѐ











Ø  Conto Cacandran
1)      Sumedang ngarangrangan = tatangkalan anu sakeudeung deui bakal paéh anu miboga ciri dangdaunan éta tangkal maruragan.
2)      Bandung heurin ku tangtung = kota Bandung bakal jadi kota nu pinuh ku masyarakat
3)      Cianjur katalajuran = Cianjur kaleuleuwihi
4)      Sukabumi tinggal resmi = Sukabumi nyaѐta ngharan resmi
5)      Sukapura ngadaun ngora = Sukapura bakal maju ekonomina

Ø  Conto Pamali
1)      Ulah lila teuing cicing di kamar mandi = pamali bisi kaciri leuwih kolot tibatan umur urang
2)      Dahar petis dina waktu peuting = pamali bisi ngabalukarkeun kateungeunahan haté, jeung lamun pikeun nu can kawin mah bakal hésé jodo, tapi pikeun nu geus kawin mah bakal paséa waé.
3)      Maké baju bari leumpang = Pamali bisi ngabalukarkeun cita-cita urang teu kalaksanakeun.
4)      Cicing di lawang panto = pamali bisi hésé meunangkeun jodo
5)      Ulah nambulan uyah = pamali bisi potong peujit

Ø  Conto Uga
1)      Jaga mah, barudak, sajajalana disaungan = karéta api
2)      Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat = telegram.
3)      Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék = anak somah naék pangkat, anak ménak teu pangkat.
4)      Jaga mah, barudak, ngateuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker gawé  = nu dagang di pagawéan.
5)      Tapi engkѐ mun gunung gedѐ anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung = gunung gedѐ meletus jeung tujuh gunung sѐjѐnna tapi meletusna can pasti iraha-irahana

Ø  Conto Kila-kila
1)      Sora manuk sit uncuing = bakal aya nu maot
2)      Sora hayam jago lain wayahna = rék aya nu reuneuh
3)      Sora manuk bueuk tengah peuting = bakal aya wanoja nu lalagasan tapi kakandungan alias reuneuh tapi acan kawin
4)      Lamun panas ceuli = aya nu ngomongkeun
5)      Murag bulu mata = aya nu sono ka urang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar